Rabu, 14 April 2010

Yahya Wa Najma, tembang sunda dalapanan

Basmalah koncina berkah
Ieu lagu jadi ibrah
Si Chikal nu loba salah
Muga sing meunang maghfirah

Sebut wae nami Yahya
Jatuh cinta ka wanoja
Wanoja nu pinuh cita
Sebut wae nami Najma

Duanana keur ngapalkeun
Kitab nu pang dimulyakeun
Nalar Qur'an kakocapkeun
Loba aral di hareupeun

Duka kumaha kawitna
Yahya tepang jeung manehna
Ngan nu pasti aya rasa
Horeng Najma ge teu beda

Akhirna mah dua insan
Anclub dina percintaaan
Jiga poho ka tujuan
Yen urang keur nalar Qur'an

Hiji dua tilu bulan
SMS teteleponan
sabab hese papanggihan
komo bari kanyahoan

Kabayang hese setoran
Setoran talaran Qur'an
Komo bari bobogohan
Nu geus beunang lalumpatan

Tapi si Yahya geus nekad
Najan kabeh jalma nyawad
Saha bae rek dibabad
Dasar cinta jiga romad

Najan kitu Yahya mikir
Aing lain jalma pandir
Manehna oge teu mungkir
Ieu salah anu dohir

Mangka si Yahya nancebkeun
Salah kudu diomekeun
Jeung syare'at diakurkeun
Cinta mah tong disalahkeun

Ka Najma Yahya nyarios
Kitu kieu ditumaros
Ka Abah geura wawartos
Ngarah tina salah lolos

Hapunten abdi teu wantun
Najma ngaampun paralun
Kitu kieu loba lamun
Yahya ngan merengut manyun

Dina bulan kadalapan
Dua insan nu hubungan
Asa rada manggih jalan
Sugan ieu kaparengan

Wawartos ka Teteh heula
Kitu carios Neng Najma
'kin teteh nu ka Abahna
Satuju, jawab si Yahya

Ka rompok tetehna Najma
Yahya dongkap demi cinta
Ngalaporkeun sagalana
Ti awal nepi akhirna

Muhun engkin diwartoskeun
Pasti Abah nu mutuskeun
kaputusan ditempokeun
Teu sabar 'ge disabarkeun

Sasasih parantos langkung
Waleran masih ngagantung
Yahya hampir-hampir pundung
Ieu nyata mega mendung

Wengi Najma ngaSMS
Waleran Abah tos eces
Awak tiis asa di es
pangharepan mangkin kempes

Ayeuna masa belajar
Ulah mikir nu ngolembar
Talaran teu acan lancar
Mikir kawin pek dibongkar

Nikah teu kedah ayeuna
Eta tiasa ditunda
Nu penting restuna aya
Kitu kahayang si Yahya

Abah Najma tetep kukuh
Moal ngajawaban puguh
Muhun henteuna teu puguh
Yahya ngan tungkul tur ngeluh

Lamun kitu kaayaan
Rek jang naon bobogohan
Restu sepuh kakuduan
'Mun teu aya, nanaonan

Yahya Najma teu kawasa
Ngarasa teu boga daya
Najan suka sama suka
Kumaha restu can aya

Sedih teu bisa ditadah
Mun kieu saha nu salah
Yahya Najma tawa Abah
Atawa cinta nu salah

Ceuk si Yahya ka Neng Najma
Bari sedih cacarita
Cinta berujung derita
kar'na restu yang tiada

Mun ngilu nafsu amarah
Yahya Najma marah-marah
Untungna sadar teu goyah
Kade ulah salah lengkah

Najan beurat ditarima
Rareumbai ku cai mata
Sedih susah duh si Yahya
Komo deui Nyai Najma

Hiji iktibar keur urang
Geura belajar sing tenang
Jodoh mah 'ke bakal datang
Najan teu diteang-teang

Akhirna Yahya jeung Najma
Balik deui ka tugasna
Ngalancarkeun talaranna
Kitab Qur'an anu mulya

Duka kumaha engkena
Jodoh ta henteu duana
Ngan Yahya Najma nyarita
Sarengan urang ngadu'a

Mugi Gusti nu kawasa
Nu nyepretkeun rasa cinta
Ngahijikeun saduana
Karunya atuh karunya

Yahya Najma saduana
Balik ngudag cita-cita
Nalar kitab pangmulyana
Mugi lancar talarana

Neng Najma angkat ka pondok
Di rompok nalarna mogok
Loba gogoda nu macok
Komo nu boga sosodok

Si Yahya nya kitu pisan
Nancebkeun kaseriusan
Ayat anu laleupasan
Awit deui dialaan

Dasar setan tetep setan
Moal bosen ngagangguan
Komo ieu dua insan
Sami gaduh perasaan

Akhirna Yahya jeung Najma
Teu kuat ngalawan rasa
Restu mah memang can aya
Ngan geus bogoh mah kumaha

Duaan jangji sepakat
Tali cinta moal pegat
tapi mun can lancar ayat
Mikir nikahna dicegat

Najan kitu Yahya bimbang
Mun waleran geus teu ngambang
Pastina nunggu mah gampang
Kumaha lamun ditendang?

Neng mah kumaha Akang
Ceuk Najma hatena lapang
Mun percanten tong hariwang
Pitulung Allah rek datang

kitu salah kieu salah
nu mana kudu dilampah
Yahya bingung mana arah
Tungtungna ngan bisa pasrah

Sataun nya teu karasa
Ti awal Najma mondokna
Yahya geus lancar quranna
Duka kumaha Neng Najma

Beja ceuk beja Neng Najma
nembe lancar satengahna
sataun deui mangsana
lancar quran sadayana

Yahya ditaros abahna
Maneh iraha kawinna?
Tos aya tacan calonna?
bari ngadesek narosna

Yahya bingung ngajawaban
Iraha can kapastian
calon ge can direstuan
Abahna ngantos jawaban

Akhirna yahya nyarita
kabogoh mah nya tos aya
ngan bapana can narima
Najma can beres quranna

Abahna Yahya ngawaler
maneh lalaki tong keder
nunggu jawab nu teu angger
loba keneh ulah minder

ayeuna geura pikiran
Ki Harun datang nawaran
Anjeunna gaduh parawan
ceuk abah mah cocok pisan

Salambar poto nu geulis
putri Ki Harun Murodis
Nami pondokna Neng Anis
Panjangna Aisyah Anis

Yahya ngadegdeg nempona
geulisna kabina-bina
Ngan hate leutik nyoara
Sia geus boga si Najma

Perang batin nyiksa hate
Nungguan Najma geus cape
Ngan hate tetep teu mere
Najma nu cocok jeung hate

Kumaha? abahna nanya
Yahya yakin teu narima
si Abah godeg sirahna
maneh kumaha mikirna

si Anis kurang kumaha
teu eleh banding si Najma
malah ieu mah unggulna
pada-pada salemburna

Yahya cicing teu ngajawab
hatena nyaan geus serab
ku cinta nu nyorot nyerab
cicingna ku pedah adab

Akhir abahna nyarita
Mun embung abah teu maksa
Ari kukuh ka si Najma
sing sabar nu nunggu beresna

Ngan emutkeun pesen abah
Maneh geus mastikeun lengkah
ulah hanjakal tong susah
sing yakin urang teu salah

Yahya saeutikna bungah
putusan bijak ti abah
komo Najma leuwih bungah
ngarasa diri teu kalah

sataun deui kaliwat
Yahya Najma henteu pegat
najan panggih hese amat
ngan ukur bisa na surat

kabejakeun bulan Syawal
saquran lancar di apal
rasa bungah teu kakawal
nalika sima'an masal

Najma bebeja ka Yahya
Kumaha urang ayeuna
quran tos beres sadaya
kantun tugas ngajagana

Yahya seuri nyaaan bungah
bisa ngalawanan payah
nalar quran beak polah
beres oge akhirna mah

sakumaha direncana
mun tos lancar saquranna
kantun nyiapkeun nikahna
sasarengan ngajagana

Yahya naros ka Neng Najma
kumaha abah ayeuna?
naha tetep teu restuna
mun nampi nyaan bungahna

Mugi-mugi waler Najma
Abah nampi tumarima
Mun henteu nyaan kacida
kumaha abdi susahna

Bismillah Yahya ngalengkah
niat suci kangge nikah
Abahna tos teu masalah
Ngan abah Najma can robah

barang Yahya ka rompokna
matur sasae-saena
ngajelaskeun sadayana
hubunganna jeung Neng Najma

teu disangka teu dinyana
alam poek sakabehana
Yahya meh pingsan didinya
bentar gelap jawabanna

Nu diwatirkeun baheula
geuning ayeuna teh nyata
peurih kuring geus satia
nungguan salila-lila

Yahya balik ka pondokna
mawa sagunung sedihna
geus kieu kudu kumaha
iwal ti pasrah narima

Najma nelepon ka Yahya
bari ceurik cacarita
mahekeun susahna rasa
rek ngamuk ngamuk ka saha

Yahya geus teu bisa ngomong
nyeri dihajar ditajong
nu diharepkeun geus potong
tetempoan asa lolong

teu kabayang kasusahan
nu ngaliput dua insan
sami gaduh paniatan
dihadang ditengah jalan

di pondok Yahya ngalamun
di rompok Najma ngalamun
saduana kahalimun
ku nalangsa matak manyun

sabulanna ti harita
kadenge kabar berita
Najma nu dipikacinta
ditikahkeun ka pamuda

pamuda gagah tur beunghar
putra tokoh anu tenar
Yahya ngusap dada sabar
Nafsu mah hayang ngahajar

Yahya matur kaguruna
nyarioskeun sadayana
nasehat nu bijaksana
nyaangan poek hatena

kisah Yahya sareng Najma
jauh keneh ka beresna
duana teu pegat du'a
hayang ngahijikeun cinta

manusa boga kahayang
saha nu nyieun kahayang
saha nu megat kahayang
kahayang tinggal kahayang

teu sadaya nu dicita
bisa bukti kalaksana
manusa bisa rencana
Gusti ge boga rencana

moal aya kabungahan
nu jiga papangantenan
ngan Najma mah cimataan
emut ka Yahya pujaan

Nu calik gagah sandingna
pamuda nyaan asingna
nu dihayang mah Kang Yahya
geuning buktina sulaya

Hate asa pinuh salah
satia bales khianah
nyaan teu bisa amanah
nikah ge teu tuma'ninah

perang batin teu katahan
Najma ngamuk jejeritan
lumpat tina walimahan
hadirin mah kabingungan

Abah Najma jeung Umina
ngudag Najma nu kamana
raka-rakana sadaya
ngudag nya beunang akhirna

dangdanan di acak-acak
jurat-jerit sanpe serak
acara walimah rusak
Najma jadi Nyonya Ishak

Ishak nu jadi salaki
bingung kanu jadi istri
tambah dinten tambah jadi
teu sadar teu emut diri

aduh kumaha tadina
geuning kieu akibatna
Najma leungit kasadarna
Yahya Yahya na biwirna

kumaha kabarna Yahya
nu tos uih kalemburna
nyandak pidu'a guruna
urang antos caritana

Orai balik ka liangna
Embe balik ka kandangna
Santri balik ka lemburna
moal mondok salilana

Sabakdana nalar quran
Yahya ka kampung halaman
Masyarakat tos ngantosan
ngantos-ngantos cacandakan

Dua bulan tilu bulan
Yahya tos ngamimitian
muka majlis pangaosan
sareng jam'iyyah sima'an

Dina bulan kagenepna
nguping carita Neng Najma
ti rencangandi pondokna
Yahya ngadegdeg ngupingna

Aduh karunya Neng Najma
geuning ka kitu jantenna
nya kuring kudu kumaha
ngubaran nu jadi cinta

asa-asa teu percaya
tapi da kitu bejana
Najma teu sadar akalna
ti kawit akad nikahna

waktos akad nikah ngamuk
jejeritan bubak-babuk
jiga aya nu ngarasuk
duka jurig duka beruk

sugan teh rek cageur tereh
bakda nikah masih keneh
malah jiga tambah aneh
nyebut Yahya henteu weleh

dina bulan kaduana
salaki megat manehna
can pernah bareng sarena
mun deukeut nyaan ngamukna

sabakdana dipegatkeun
ngamuk Najma rada eureun
ngan jadi nyaan cicingeun
jiga loba pikiraneun

gara-gara kabar eta
Yahya katingalna beda
sering nyepi dikamarna
nyaan emut ka Neng Najma

nalika banget emutna
ngan quran jadi ubarna
ngaderes nepi khatamna
duh gusti cageurkeun Najma

nepi sabulan lilana
kitu jeung kitu lampahna
akhir kuat kahayangna
ngalongok nu jadi cinta

ka Pandeglang Yahya angkat
sowan ka guru terhormat
pendak sareng sobat-sobat
ngobrol bari ngopi 'kilat'

ti salah sahiji sobat
kenging kabar henteu lepat
Najma masih tacan sehat
tos kamana mah berobat

sabakda asak mikirna
bismilah janten ucapna
ameng ka tetehna Najma
leres teu nu kakupingna

Tetehna Najma nyarita
ti awit dugi akhirna
Yahya reumbai cai mata
karunya teuing NengNajma

lamun peuting tara sare
tetembangan henteu cape
mun ti beurang sampe sore
Yahya na biwirna jentre

tos kamana dilandongan
Yahya naros lalaunan
teteh Najma ngawaleran
sadaya tos dicobian

wios teu mun abdi pendak
saur Yahya bari serak
tetehna bungah ngadadak
asa turun tina tanjak

dina dinten kemis pisan
sarengan ka Pabuaran
didinya tos ngarantosan
abah umi duduluran

payuneun abahna Najma
Yahya salam nyucup yadna
si abah tetep kerengna
Yahya deg-degan hatena

ieu tah nu ngaran Yahya?
Ari maneh urang mana?
Abah Najma tunya-tanya
Ceuk hate, "cik ti baheula"

Sanajan hatena dongkol
Yahya sopan dina ngobrol
Ngajawab lamun di takol
mun teu, cicing jiga kohkol

Akhirna nnepi obrolan
anu poko tur tujuan
Najma nu keur kageringan
hampir satengah taunan

Ayeuna Najma dimana?
kitu tumaros si Yahya
Najma aya dikamarna
nu ngawaler teh umina

Bari reumbai cai mata
umina Najma nyarita
mugi umi dihampura
dosa ti megatkeun cinta

Ayeuna geura Jang Yahya
tingal kumaha Neng Najma
tos teu emut ka sasaha
na biwir ngan nami Yahya

Abahna Najma ngan tungkul
ngarasa beurat mamamnggul
kawirang anak mantangul
sampe gering akal putul

Yahya ngalengkah ka kamer
Abah umi nut di pengker
angin ka punduk ngageber
dag dig dug hate ngeleper

Panto muka eutik-eutik
can tacan panon geus ceurik
katingal Najma ju calik
dangdanan euweuh nu apik

Rambutna acak-acakan
badanna beuki nguruan
biwir pias gegeteran
ngan Yahya nu disebutan

Yahya teu kuat ngalengkah
nangtung dipanto ngan ngangah
mun teu ditepak si Abah
Yahya moal robah-robah

Barang sadar nya istighfar
tuluy nyaket bari sadar
Najma neutep 'sa di bentar
jiga sieun halilintar

Yahya nyebut nami Najma
Najma ceurik asa dosa
teu kawasa cacarita
ngan "Yahya" jeungcai mata

Abah jeung umina ceurik
ceurik Najma beuki tarik
Yahya ngadeujeutan calik
Najma rek lumpat ditarik

Najma Najma ieu Yahya
Najma Najma ceuk si Yahya
Najma gogodeg sirahna
tuluy njerit Yahya Yahya

Abahna Najma nyarita
kitu jeung kitu poena
Abah bingung 'du kumaha
kamana nyiar landongna

Rasa cintana si Yahya
nyaan tumanceb na dada
kumaha Najma ayana
Yahya teu robah cintana

Akhirna Yahya nyarita
ka abah umina Najma
widian abdi ayeuna
tikahkeun abdi ka Najma

Abah jeung umina Najma
nyaan kaget teu percaya
Yahya ngalamar si Najma
Najma nu gering akalna

tetehna Najma nyarita
teu percaya bari nanya
satuju teu kaluarga
nu aya di Majalengka

Yahya sekeudeung mah cicing
tuluy ngajawab teu pusing
kaluarga pasti ngiring
si Yahya kumaha aing

Nya dina dinten jum'atna
ijab qabul Yahya Najma
kabeh ge godeg sirahna
nganggep edan ka si Yahya

duka kumaha engkena
Yahya dicawad dihina
nu pasti lantaran cinta
sagala ge dilaksana

Yahya Najma geus ngahiji
lantaran cinta nu suci
asli pamasihan gusti
ngan cageur Najma can pasti

dina wengian pertama
Yahya Najma tos nikahna
nu aya ngan cai mata
Najma nyaan teu emutna

Rambut nu acak-acakan
ku si Yahya di sisiran
disayang tur diusapan
bari biwir babacaan

duh gusti abdi hapunten
sadaya lepat hapunten
sadaya abdi percanten
salira pisan nakdirkeun

teu aya iwal ti pasrah
Najma teu emutna parah
gusti nu gaduh 'afiyah
ijabah gusti ijabah

dina wengian kadua
Najma beresih badanna
di dangdanan geulis nyata
si Yahya bungah hatena

nu dina biwir teu aya
iwal ti nyebuatan Yahya
padahal Yahya geus aya
duka kumaha Neng Najma

Yahya teu wleh ngadu'a
bari mikiran kumaha
carana ngarah Neng Najma
emut deui ka dirina

Yahya emut kana kapal
kakapalan tina tatal
kenangan nu moal ical
Yahya yakin Najma apal

Lomari Najma dibuka
kakapalan nyata aya
dicandak panangan dua
bari senyum payun Najma

Najma jiga nu kageteun
njerit "ulah!" jiga sieun
sieun kapal di ruksakkeun
yakinNajma tos emuteun

kadieukeun kapal aing
kadieukeun kapal aing
kapal nu kabogoh aing
Najma sewot uang-aing

Najma ieu teh kang Yahya
lalaunan ceuk si Yahya
naha teu emut salira
ieu Kang Yahya Kang Yahya

molotot pikasieuneun
jigana teu percayaeun
yen jalma nu di hareupeun
Kang Yahya nu diharepkeun

sakali deui nyarita
ieu Kang Yahya Kang Yahya
Najma reumbai cai mata
hatena leres nyarita

lamun bener ieu Yahya
cik urang ngenta buktina
mun teu bukti teu percaya
kitu ceuk hate leutikna

tuluy Najma jejeritan
bari nyebut ngaran-ngaran
aran waktos bobogohan
Yahya bentes ngajawaban

Hatena mulai percaya
Yen nu aya teh Kang Yahya
lalauna ucap Najma
salira leres Kang Yahya

Yahya kacida bungahna
Najma nyaan rek sadarna
ngan sakeudeung bungah sirna
Najma kacida ngamukna

Rambut sorangan dijambak
pakean diacak-acak
jejeritan sampe serak
imah haliwu ngadadak

Abah umina Neng Najma
daratang pinuh ku tanya
kunaon deui anakna
ngadadak kumat ngamukna

Yahya tenang teu hariwang
manehna yakin rek meunang
yakin yen Najma teh damang
ngan api-api teu damang

ngan pasti aya maksudna
kitu pikiran si Yahya
jigana kieu jigana
atawa kitu meureunna

Yahya ngajieun rencana
sorangan teu jeung sasaha
Najma diajak tamasya
ka tempat-tempat baheula

Najma diajak ka Warnet
dua jam ngome internet
Najma wungkul lurat-leret
teu ngomong najan sakecret

Yahya henteu putus asa
ngajakan makan bersama
kantin 'enak bahagia'
ngarah emut keur baheula

didinya Najma katingal
jiga nu emut nu apal
ieu tempat asa kenal
bari neutep Yahya Kamal

Yahya mulai cacarita
ngadongeng jiga baheula
Nama serius ngupingna
tuluy seuri nya manisna

saeutikna mulai nyambung
diheureuyan teu kasinggung
ngan nyarita jiga embung
aya nu nyumput nyalindung

Ayeuna ka pamancingan
ceuk Yahya ngaharewosan
Najma ngadadak cahyaan
jiga teu sabar nungguan

Nya calik paduduaan
Najma nurut diusapan
wajah jiga nu ngemutan
ngemutan keur bobogohan

Aa aa ceuk Neng Najma
najan gugup cacarita
Najma dimana ayeuna
nuju naon sareng aa

Yahya katingal bungahna
yakin Najma rek sadarna
Najma nangkeup ka manehna
bari reumabi cai mata

sabulanna ti harita
Najma katingal robihna
'purun diajak ngobrolna
najan katingal kakuna

tinggalkeun hyeula kisahna
kisah Yahya jeung Neng Najma
urang caritakeun heula
Yahya jeung kaluargana

ti awal Yahya bebeja
ka nu janten ibu rama
Abdi hoyong ka Neng Najma
teu langkung, waler ramana

Rek ka saha urangmana
asalkan seneng urangna
abah mah setuju saja
sugan maslahat jadina

Ngan sabakdana harita
Abah Najma teu narima
Abahna Yahya nyarita
awewe mah masih loba

ditawaran itu ieu
Yahya teu kitu teu kieu
datang tiditu ti dieu
Yahya kukuh jawab henteu

Nepi ka dugina kabar
ka Yahya Najma teu sadar
Yahya jiga nu teu sadar
nyarios hayang ngalamar

Abahna kacida kaget
Maneh jiga nu kapelet
Abah sewot hampir ngepret
Yahya tungkul teu ngaleret

sakali deui ditanya
Yahya kukuh ngajawabna
nuhunkeun du'a restuna
Abah teu aya jawabna

Akhir Yahya maksa angkat
ka Pandeglang bari beurat
can restu abah terhormat
umi ngan ceurik teu kuat

Yahya yakin ka cintana
mangka teu sieun kumaha
Abah Umi can narima
engke mah yakin narima

Nalika Yahya nikahan
Abah Umi diwartosan
Yahya dianggep ngalawan
Abah teu rek ngahadiran

Yahya istighfar hatena
Nuhunkeun maaf lepatna
Gusti abdi nyaan cinta
ngan kumaha sareng rama

Akhirna nikah laksana
jiga nu tos kacarita
ngan dicawad kaluarga
beak dicaplak dihina

Tilu bulan nu pertama
rumah tanga jeung Neng Najma
kacida susah sedihna
ngurusan henteu damangna

sabar du'a jeung usaha
plus dukungan ti mitoha
dina bulan kaopatna
Najma tos nyaan emutna

Abah Umina Neng Najma
banget nyaah ka si Yhaya
nu jadi ubar anakna
nepi ka balik sadarna

Hampura Abah jeung Umi
naon cinta henteu ngarti
ayeuna cinta ngahiji
mugi aya rido gusti

teu kedah nuhun hapunten
sadaya tos ditakdirkeun
ngan abdi leres nuhunkeun
hoyong dilurus islahkeun

kitu si Yahya nyarita
sabakda terus terangna
masalah jeung kaluarga
nu aya di majalengka

nyata mitoha siapna
sing sabar aya jalana
urang angkat sadayana
badami lapang hatena

sakumaha direncana
Yahya Najma kaluarga
arangkat ka Majalengka
nyambungkeun tali pegatna

dugina ka Majalengka
disambut tangan terbuka
Yahya teu nyangka teu nyana
Abah Umina narima

horengan abahna Najma
kantos dongkap ka abahna
nyarioskeun sadayana
sareng nuhunkeun doana

ka Yahya henteu wawartos
margi tacan aya waktos
"kejutan" mah leuwih raos
leuwih nanceb leuwih nojos

kacida Yahya jeung Najma
ngaraoskeun kabungahna
cinta nu di damba-damba
direstuan kaluarga

duana teu weleh syukur
ka Allah nu maha Gofur
rumah tangga hurung mancur
kudua cinta ngalebur

carita cinta geus khatam
pinuh ku doa ikhtitam
hapunten akhirul kalam
Chikal Faza uluk salam

CHIKAL, 201110

Tidak ada komentar:

Posting Komentar